Dua pasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku
manéhna. Di langit, bulan teuing di mana, sarta béntang-béntang nyarusup kana
méga kulawu. Gaang geus areureun ngéangna ditéma ku sora caricangkas jeung
bueuk kukueukan kawas nu méré wirahma kana léngkahna. Oborna boa geus béak
minyak, tapi haténa anéh bet teu ngarasa salempang atawa hariwang.
Kawas aya gaganti obor nu leuwih ti obor. Nu bisa
tetep ngareugreugkeun haténa. Ninggang kana sisindiran, gorék-gorék manuk
tuweuw, disada dina taweuran.
Tapi ngan sakeudeung manéhna boga pikiran kituna
téh, gancang disalingkerkeun dina kelir lelembutanana. Tuluy nginget-nginget
pamajikanana nu harita tangtu keur ngadagoan. Geus sabroleun.
Manéhna keur meujeuhna gedé duriat ka pamajikanana
téh. Bisa jadi ku perbawana rék boga anak. Apan cenah, anak téh talining duriat
sosoca rumah tangga. Ieu deui mani dagdag-dégdég pisan waktu pamajikanana
nyarita yén beuteungna geus karasa téh. Gancang sadia obor, da harita geus
reup-reupan, kencling néang paraji mani satengah lumpat.
Ari imah Nyi Paraji, jauh. Kahalangan ku tilu pasir
ti imahna. Pasir nu pinuh ku leuweung awi téa.
Harita, tinggal dua pasir deui nu kudu disorang ku
manéhna. Oborna geus kakalincesan. Bet jeung ngaruy deuih. Tapi haténa tetep
reugreug. Jalan nu rék disorang, asa leuwih caang batan mawa obor nu
ngabela-bela. Langit kulawu asa cangra.
Da enya, dina haténa téh karasana lir aya cahaya nu
enyay-enyayan. Beuki lila beuki ngagedéan. Cahaya nu baréto sababaraha taun nu
geus kaliwat kungsi nyaangan haténa, waktu manéhna nyorang leuweung awi éta,
bareng jeung hiji jelema nu jadi mutiarana jelema waktu harita.
Bet terus ngagudag-gudag éta cahaya téh. Cahaya
batin nu leuwih caang ti batan cahaya obor, da diminyakanana ku minyak batin nu
pabrikna ogé ngan aya dina batin. Sihoréng sakur nu clikna tina batin atawa
nyayna tina rasa, aya kalana ngéléhkeun kakuatan lahiriah.
Cara harita. Atawa cara baréto sababaraha taun nu
geus kaliwat, pikeun manéhna. Paduduaan di tengah leuweung awi, jauh ka ditu ka
dieu, peuting keur poék bulan. Da keur pada suka, teu ieuh sieun teu ieuh
honcéwang. Nu puguh resep nu aya. Kagebah ku séorna daun awi ku angin, ras
manéhna inget tina lamunanana. Gancang maca istigfar dina haténa.
“Bet pangbibita sétan wungkul,” cék haténa, “apan
pamajikan aing mah lain ieu, tapi itu .... Ieu mah nu deukeut, lain-lain daun
awi ....”
Tapi da bongan padeukeut. Bisa kadeuleu kaambeu.
Teupna paneuteup ka nu leumpang hareupeunana, bet parat kana lelembutanana,
srek .... ser. Dina keur kitu da puguh manéhna lalaki. Angen-angen
kalalakianana mah angger cunggelik, teu kalis dilain-lain bet terus
ngaenya-enya. Tuluy manéhna balaka ka sadirieunana, yén haténa nitipkeun kénéh
birahi, nyangsangkeun kénéh duriat, ka urut kabogohna baréto.
Ku kituna, da bongan duriat pegat kapaksa, dina
haténa mah angger teu suka. Jeung ku kituna deui munasabah mun harita, waktu
keur paduduaan di tengah leuweung awi nu jauh ka mana mendi, haténa
ngaituh-ituh, ngahucuh-hucuh, nitah némbongkeun kalalakianana ka nu leumpang
hareupeunana.
Keun ku urut kabogoh, kumaha da ieu mah nya urut
kabogoh nya keur rarandaan. Sesebutan randa ieu meureun nu nimbulkeun tambah
bédana rarasaanana téh. Mun dina kadaharan téa mah tayohna kawas neuleu
bacreuk, pikabitaeun. Sualna harita, kumaha supaya éta bacreuk bisa pindah kana
piring alasna. Da ari geus dina piring alas mah ..., ah!
Ari nu leumpang hareupeunana, teuing ku jejem kana
léngkahna. Carékna leumpang téh leumpang baé. Teu luak-lieuk atawa ngajak
ngobrol. Nyaritana gé saperluna pisan, mun ditanya. Leumpangna gagancangan
bangun nu hayang waiuh tepi.
Nénjo kaayaan kieu, lalaki mana nu kabeneran boga
kahayang nu teu ngarasa beuki geregeteun? Da boga rasa teu dibaturan lalajo.
Lalajo lalakon nu enggeusenggeus. Manéhna wungkul boa nu ingeteun téh, inget
sapihak, inget nogéncang. Ari nu dipikainget sanajan aya di hareupeun bet
bangun teu inget-inget.
Ku lantaran kitu, tuluy manéhna usaha sakédah polah
supaya layanna ngalayanan, rancatan birahina sing jadi matang, tungtungna sing
sarua kabeungbeuratan sarta sing sarua beuratna. Kakara ngemplong haténa ....
Sakeudeung manéhna inget ka pamajikanana. Cicika
katémbong enyay-enyayan dina daun cariang, tapi teu lila bet hiber deui. Les
leungit cahayana dina poékna leuweung awi. Manéhna inget deui ka nu leumpang
hareupeunana. Cék haténa, tangtu moal ngarasa aéb kikituan harita téh, boh
pikeun manéhna boh pikeun urut kabogohna. Lantaran apan niatna ogé ngala
paraji, lain niat mawa urut kabogoh. Hanas éta nu jadi paraji buktina urut
kabogohna baheula, éta mah sual kabeneran. Ari kabeneran mah apan lain dihaja.
Jadi mun téa mah asup kana kajahatan sarta kudu dihukum, meureun hukumanana ogé
moal beurat teuing, malah kadangkala dibébaskeun. Dianggap teu salah. Da
kajahatan nu teu kahaja téa.
Enya meureun. Saha nu rék nyalahkeun manéhna?
Atuh éta cenah, naha manéhna maké boga pikiran nu
kitu patut? Jawabna: Éta ogé alatan tina kabeneran. Bongan nu jadi paraji bet
urut kabogohna, cacak mun nu séjén mah, komo mun nini-nini, piraku rék kitu.
Bongan Nyi Paraji ngahudangkeun panineungan ka nu enggeus-enggeus, nyuat
rus-ras ka mangsa nu geus kasorang. Heug baé kitu. Jeung deui gerentes haté mah
teu katénjo ku nu lian, jadi moal bisa dipaké bukti. Ieu deui kakara boga niat,
acan jeung prakna ....
Jalan nu disorang di leuweung awi téh jalan satapak.
Pungkal-péngkol sasalingkeran dina sela-sela dapuran awi. Manéhna leumpang di
tukangeun urut kabogohna. Jongjon pisan nyacapkeun téténjoanana, tina buuk nu
dikukudung ku cindung nepi kana keuneung jeung bitis nu jojorélatan
remeng-remeng kacaangan ku oborna nu geus kakalincesan. Jojorélatan lir bibit
nu nangtang diheurap meureun. Atawa pédah medalna tina panon nu kapangaruhan ku
niat goréng téa boa, katémbong jojorélatan téh. Da yakin deuih, sanajan harita
obor geus pareum, angger jojorélatan. Sanajan ngan ukur asa, ngan ukur rarasaan
jeung téténjoan panonna.
Sora léngkahna nu kikiciprikan di nu ceubrik jeung
korosakna daun awi nu katincak nimbulkeun suasana haté nu anéh. Aya sari-sari
dina alam impian. Ngimpi ngudag-ngudag putri di tengah leuweung ganggong.
Hanjakal mun kaburu lilir, méméh beunang. Geus beunang mah teu panasaran,
sanajan ngan dina impian.
“Lain ngimpi,” cék haténa, “ieu mah tétéla aya
buktina, tah di hareup, kari néwak kari ngajak.”
Lamun niatna ditungtungan ku kawani meureun kitu
sotéh. Da nya éta atuh nu leumpang hareupeunana bangun linghas. Nu deukeut téh
boa anggang, boa moal bisa diajak saniat.
Sajeroning kitu manéhna inget kana lalakonna nu geus
kaliwat. Waktu manéhna keur bobogohan kénéh jeung nu leumpang hareupeunana. Di
leuweung awi éta maranéhna kungsi sarasa, da saniat téa. Baréto.
Ari harita, éta lalakon téh ngan ukur jadi
panineungan. Tah, manéhna téh hayang mulangkeun panineunganana, hayang
mulangkeun baréto ka harita, hayang baréto téh sing jadi harita, hayang baréto
téh sing jadi ulah aya harita, tapi sing aya hiji mangsa nu teu kawengku ku
baréto atawa ku harita nu bisa nimbulkeun niat geusan sarasa cara baréto sarta
éta mangsa téh datangna ulah isuk ulah pagéto, tapi hayang ayeuna. Harita waktu
manéhna keur ngiringkeun kabogohna téa.
Bet ngan ukur déhém nu kaluar téh sakitu dina haténa
mah pinuh ku ucap nu hayang gancang diucapkeun. Kawas nu teu bisa kaucapkeun,
da ucapkeuneunana lain ucapkeuneunana. Ku kituna pantes mun bituna ngan ukur
jadi déhém. Teu kurang teu leuwih.
Tapi boa da déhém gé lain sadéhém-déhémna. Déhém nu
jadi acina sarébu ucap, nu ngan bisa kaharti nu surti. Meureun lamun kitu
tinggal kumaha nu ngadéngéna baé. Kumaha anu nampanan.
Da baréto ogé kétang, saniat geusan sarasa téh lain
dimimitian ku loba ucap. Tapi ku nu kitu baé, ku déhém. Déhém ti nu saurang
ditémbalan ku déhém ti nu saurang deui. Paguneman déhém. Tungtungna aya
hasilna. Hasil nu matak ni’mat ka duanana.
Geus sababaraha kali manéhna ngadéhém cara baréto.
Di handapeun dapuran awi nu boga riwayat, manéhna
ngadéhém deui. Meureun pihartieunana mah kieu: “Naha Nyai teu émut waktu urang
silih témbongkeun kaasih di dieu baréto?”
Tapi nu leumpang hareupeunana tonggoy baé. Taya
jawabna jeung taya isarah nu dipikahayang ku manéhna. Nyamos!
“Teungteuingeun,” cék haténa.
Di lebah jalan satapak nu méngkolna mites pisan,
baréto nu leumpang hareupeunana kungsi kacugak ku saréngséng awi. Ku manéhna
ditulungan, dongko tuluy ngusapan dampal sukuna. Karasa kénéh nepi ka harita
ogé karadakna rorombéheun urut kabogohna. Nya éta atuh, karadak-karadak gé ari
suku kabogoh mah, béda baé. Sok aya baé omongkeuneunana, teu euweuheun
piomongeun.
Tah di lebah dinya manéhna harita ngadéhém deui.
Meureun hartina mah kieu:
“Akang mah inget kénéh waktu Nyai kacugak ku
saréngséng awi téa, geuning ....”
Mun diucapkeun mah éta omongan, dina kecap “geuning”
tangtu bakal dibedaskeun pisan tanda yén éta pangalaman duaan, nu geus pada
nyaho.
Obor nu dicekel ku manéhna harita geus pareum. Di
leuweung awi poék.
“Awas jalan?” manéhna nanya.
“Awas,” témbal nu leumpang hareupeunana. Ngan
sakecap ngajawabna téh, mani teu diémbohan pisan.
Da ari kahayangna mah nu leumpang hareupeunana,
ngajawab kieu: “Teu awas, tungtun atuh ...!” Leuh, mun manéhna meunang jawaban kitu,
tada teuing giakna.
Gancang manéhna ka hareup meureun, tuluy nungtun
urut kabogohna. Cék pikiranana, da lamun geus paantel kulit mah, sok gancang
jadi paantel haté, brasna.
Tapi ku lantaran jajawabanana kitu, atuh bep deui
baé sungutna balem.
Sapasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku
manéhna. Cukang kawung nu baréto kungsi katincak babarengan ku maranéhna,
angger kawung kénéh. Ngan meureun lain kawung nu baréto, da nu baréto mah boa
geus bobo.
Lebah dinya manéhna harita téh ngadéhém deui.
Ingeteun waktu urut kabogohna baréto hayang dituyun, sieuneun labuh. Mangkaning
taya gantar panyekelan, tapi jigana baréto mah leungeun manéhna leuwih
dipercaya ti batan gantar.
Kumaha ari harita? Nu leumpang hareupeunana percaya
kénéh kana gantar ti batan ka manéhna. Geus sabalikna pisan.
“Teungteuingeun ...,” cék haténa.
Maranéhna terus leumpang abus ka leuweung awi nu
poék. Tanjakan dina mumunggang pasir keur dipaju. Tapi sajeroning laleumpang,
duanana baralem. Lir dua wayang nu dialeutkeun ku dalang bari teu disoraan.
Hujan ngaririncik, langit kawas nu rék ngarungkup, hideung kawas dipulas ku
leutak, asa di kamar gelap.
Ngan kiciprikna, léngkah dua jelema nu kadéngé.
Kawas nu silih témbalan, tapi éta lain sora nu boga harti.
Sajeroning kitu manéhna beuki inget, yén nu leumpang
hareupeunna téh randa nu baréto kungsi jadi kabogohna. Beuki deukeut ka imahna,
manéhna beuki ngaweweléh kana haténa: naha nepi ka teu bisa meruhkeun haté urut
kabogohna.
Tapi tungtungna ku kitu téh manéhna boga kasimpulan
yén nu leumpang hareupeunana éstuning pengkuh, teu bisa diheureuyan, teu bisa
diajak sasar.
Dina jero haténa, ari galeuh-galeuhna mah manéhna
muji kana kapengkuhan haté nu leumpang hareupeunana. Tapi kahayang nu didorong
ku rasa panasaran jeung rasa kesel ngadagoan pamajikanana mangbulan-bulan
nimbulkeun paniatan nu terus ngélékéték haténa.
Naha geus ditepikeun kahayangna téh ka nu leumpang
hareupeunana? Nu matak, apan ngan ukur ku déhém.
“Kecing aing,” cék haténa, “pok atuh geura
caritakeun!”
Manéhna mikir, tapi terus bari leumpang. Imahna
beuki deukeut.
“Gancang ayeuna, meungpeung can nepi ka lembur!” cék
haténa.
Manéhna kalah ka ngadéhém deui. Biwirna rapet teu
bisa engab. Tikoro asa garing, gondok lakina elok-elokan, sakeclak taya ciduh
teureuyeun.
Da enya deuih meureun, rarasaanana, waktu nu dipaké
nyorang leuweung awi nu tilu pasir téh ngan ukur tilu kiceupeun. Dua kiceup
katiluna bréh anu dijugjug. Asa sakeudeung pisan.
Harita imahna, remeng-remeng cahaya cempor di
luhureun érang-érang, geus katémbong. Aya dua pamentang deui mah jauhna téh.
Dina haténa manéhna ngarasa, yén kembang paniatan nu tadi dikedalkeun ku
rupa-rupa déhém téh, boa samar kajadian. Kembang paniatanana boa moal jadi
buah. Atawa di jadina buah ogé buah nu béda, lain buah nu dicita-cita ku
kembang paniatanana tapi buah anu mangrupa déhém jeung dédéhéman.
Keur kitu, nu leumpang hareupeunana téh bet
ujug-ujug ngalieuk ka manéhna bari ngarandeg. Dina belegbeg awakna
katémbongeun, yén nu ngalieuk téh melong ka manéhna. Kawas aya nu rék
dicaritakeun nu penting pisan. Ku lantaran kitu manéhna pohara ngadagoanana.
Sugan sora nu dikedalkeun téh aya sari-sari nu luyu jeung kembang paniatanana
téa.
Tapi didagoan téh, teu pok baé. Nu ngalieuk téh ngan
ukur ngadéhém. Atuh manéhna gé ngan ngajawab ku déhém deui.
Tina Manglé nomer 79, Fébruari 1964
0 Komentar