Radén Aang Kusmayatna Kusiyana Samba Kurnia Kusumadinata ogé dipikawanoh minangka Kang Ibing, gumelar di Sumedang, Jawa Kulon, 20 Juli 1946 – tilar dunya di Bandung, Jawa Kulon, 19 Agustus 2010 dina umur 64 taun. Kang Ibing nyaéta salah saurang inohong sunda, tukang bodor, da'i, aktor, ogé anu panaratas grup bodor De'Kabayan. Kang Ibing téh nyaéta anak ti papasangan Radén Suyatna Kusumahdinata jeung Radén Kusdiyah.
Tamat ti SMA anjeunna nuluykeun ka Jurusan Bahasa Rusia Fakultas Sastra UNPAD nepi ka lulus jadi sarjana muda. Nalika mahasiswa kungsi jadi Pupuhu Kasenian Daya Mahasiswa Sunda DAMAS, Penasihat Departemen Kesenian UNPAD, sarta jadi asistén dosén Fakultas Sastra. Taun 1986, di Bandung loba radio swasta niaga kayaning Radio Mara 27. Ibing ngamimitian karirna ti dinya salaku nu sok siaran di radio sarta nu ngokolakeun acara obrolan rinéh, bodor tapi pinuh ku kritik dina Radio Mara. Kalawan lentong Sunda na nu has sarta cara mawakeun acara nu ngalér ngidul kumaha karep jadi hiji hal nu unik tur dipikaresep ku masarakat.
Bareng jeung Aom Kusman, Suryana Patah, Wawa Sofyan, sarta Ujang taun 1970-an nyieun grup lawak “De'Kabayan”. Taun 1975 jadi tokoh utama dina pilem "Si Kabayan" kalawan produser na Tuty Suprapto. Tuluy maén pilem-pilem lian na kayaning "Aténg the Godfather" (1976), "Apanya Dong" (1985), "Si Kabayan dan Gadis Modéren" (1990), "Bang Kojak" (1977), "Boss Carmad" (1990), "Komar Si Glen Kemon Mudik" (1990), "Warisan Terlarang"(1990), jeung "Di Sana Senang Di Sini Senang" (1990).
Yasa anjeunna pikeun urang sunda kalintang gedé na husus na dina industri hiburan. Kang Ibing bisa ngawangun karakter anyar dina widang bobodoran. Malah keur pegiat seni widang bobodoran zaman kiwari, Kang Ibing lir ibarat hiji bacaeun nu eusi na neundeun banda nu kalintang mahal harga na. Kopeah déngdék anu biasa jadi ciri khas tokoh Si Kabayan sanyata na lahir ti Kang Ibing. Kitu deui bodor-bodorna nu luyu jeung zaman ogé keuna jeung kaayaan masarakat.
Asa na, moal kungsi aya deui tokoh multitalenta jiga ajeunna, nyiar dina karakter wungkul ogé asa teu katoong pisahaeun nu mampu nyaruaan. Pamugi anjeunna netep dina kantikmatan mungguh gusti.
(wikipédia sunda)
0 Komentar