Fiksimini Basa Sunda Jeung Contona

 

Fiksimini nyaéta carita anu leuwih pondok umpama dibandingkeun jeung carita pondok atawa carpon. Fiksimini biasana diwangun ku carita anu eusina teu leuwih ti 150 kecap jeung teu kurang ti 100 kecap. 


Istilah fiksimini asalna tina basa Inggris, nyaéta mini fiction. Dina hiji fiksimini biasana tungtung caritana sok dieusi ku carita anu ujug-ujug atawa teu disangka-sangka. Kusabab kitu, fiksimini sok disebut ogé sudden fiction atawa fiksi-ujug-ujug.

Conto fiksimini, yasana Cévi Whiésa.

GAGAL TOTAL

Geus lila hayang nganjang ka imahna téh. Ari nomer na mah geus boga, ngan jarang kontakan da puguh ipis pisan méntal téh. Padahal mangkukna panggih waktu di kantor désa.

”Kriiiingggg!” hapé disada, horéng si manéhna.
”Halow, ku kumaha néng?” ceuk kuring semu reuwas. Da tara tisasari atuh.
”Aa meni teu naros kamari. Ka bumi atuh yap, kaleresan nuju teu aya sasaha da.”

Wah, haté ngadak-ngadak pagaliwota, teu puguh rarasaan. Buleud, kuring moal miceun kasempatan nu hadé ieu. Teu loba nu dipikir, harita kénéh saged langsung indit.

”Assalamualaikum, punten!” gorowok kuring. Tapi euweuh nu némbal geus sababaraha kali gé, boa teu kadéngéeun, ceuk sangkaan. Ah ditelepun deui wé.

”Néng! Di mana? Aa tos di payuneun bumi”
”Oh muhun. Punten nembé tos dikintun dina WA, panglebetankeun token listrik a, abi sareng keluarga nuju ameng ka Pangandaran.“

Neg téh haté, baranyay tetempoan asa kararonéng.

Conto dina maca fiksimini basa sunda.










Posting Komentar

0 Komentar