Sajak-sajak Sunda | Godi Suwarna, Étti RS, Acép Zamzam Noor

 


Godi Suwarna

SAJAK CIKARACAK


Sakeclak-sakeclak

Cikaracak lalaunan ninggang tarang

Laun-laun kalangkang peuray ngalakay

Sumarangsang kana ranggeuman halimun


Saketrok, saketrok

Cikaracak ngetrokan embun-embunan

Balung tunggal gumuruh nungtutan runtuh

Tina kujur nu nguluwut kuyumut dirungrum lukut


Sapicis, sapicis

Cikaracak gumiriming nyebit daging

Tuluy borok merejih satangtung tulang

Kumareumbing humaregung tengahing layung panungtung


Keclak deui, keclak deui

Cikaracak ninggang saban titincakan

Keclak deui, keclak deui

Laun-laun jadi jugang nganti bugang


*


Étti RS
NA TETELAR TAUN ANYAR

Naon deui nu rèk digalindengkeun ku urang ayeuna
Lagu cinta, lagu liwung, atawa hariring cikahuripan?
Antara rasa jeung mangsa
Sihorèng taya lalangsè nu masinikeun poè
atawa antara tangtung jeung waktu
Ukur kaitung ku ketugna jajantung.

Naon deui nu rèk digurit ku urang 'na tungtung langit,
sanggeus bèntang nu tingkaretip nungtut laleungit,
asmarandana, maskumambang, atawa durma?
Sabab antara karisi jeung tiiran wanci
lir angin jeung hiliwirna.
Antara subaya jeung cidra
lir kadeudeuh jeung geugeutna.

Mending urang nganggit dangding
Bari ngaroris caangna bulan
nu ngempray 'na peuting tingtrim
Susuganan urang weruh
mun kalebuh di laut nu liuh,
atawa urang nataan rumpaka
nu patolèksak dina kaca-kaca mangsa.
Susuganan urang salsè,
sabada tipoporosè ti poè ka tungtung poè.

Naon deui nu rèk digalantangkeun ku urang ayeuna,
sanggeus raga dibabandan kala?

Bandung, 1 Januari 1995



Acép Zamzam Noor
JALAN SATAPAK

Anteng mireng taun
Nu dilagukeun simpé
Galindeng semu alum
Tukangeun lalangsé

Anteng maca aweuhan
Nu dipedarkeun balébat
Samoja geus muguran
Katangén lapat-lapat

Anteng ngukur jarak
Nu diamparkeun wanci
Malipir jalan satapak
Nyukcruk urat nadi

2013





Posting Komentar

0 Komentar