Ngeunaan wanci, kolot urang mah baheula ngabogaan sesebutan atawa ngaran-ngaranna. Tarutama waktu harita keur can wauh jeung érloji, pikeun nangtukeun waktu atawa jam kolot urang mah sok maké cicirén lingkungan alam. Tah ieu di handap, sesebutan atawa ngaran-ngaran wanci sapoé sapeuting dina basa sunda.
Wanci Janari Gedé | Kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
Wanci Janari Leutik | Kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
Wanci Balébat | Waktu pajar geus udat-udat (sinar panon poé) beulah wetan. Kira-kira tabuh 04.30.
Wanci Carangcang Tihang | Wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh. Kira-Kira tabuh 04.30 – 05.00.
Wanci haneut moyan | Waktu sedeng ngeunah dipaké moyan. Kira-kira tabuh 07.00 – 08.30.
Wanci Rumangsang | Waktu panon poé geus mimiti karasa panas. Kira-kira tabuh 09.00.
Wanci Pecat Sawed | Waktu munding anu dipaké magawé dilaan sawedna. Kira-kira tabuh 10.00.
Wanci Manceran atawa Lohor | Waktu panon poé luhureun sirah, tengah poé, tabuh 12.00.
Wanci Lingsir Ngulon | Waktu panon poé geus mimiti gésér ka kulon, tabuh 13.00.
Wanci Panon Poé Satangtung | Kira-kira tabuh 15.00.
Wanci Tunggang Gunung | Panon Poé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung. Kira-kira tabuh 16.00-17.00.
Wanci Sariak Layung | Waktu layung (sinar panon poé) di langit katénjo beureum. Kira-kira tabuh 17.00 – 18.00.
Wanci Sareupna | Geus mimiti reup poék. Kira-kira tabuh 18.30.
Waci Harieum Beungeut | Kira-kira tabuh 19:00.
Wanci Sareureuh Budak | Waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna. Tabuh 20.00.
Wanci Tumoké | Kira-kira tabuh 21:00.
Wanci Sareureuh Kolot | Kira-kira tabuh 22:00.
Wanci Indung Peuting | Kira-kira tabuh 23:00.
Wanci Tengah Peuting | Nyaéta tabuh 24.00.
Tah ieu di handap, nyanggakeun paguneman Si Cépot ngeunaan ngaran-ngaran wanci dina basa sunda.
0 Komentar