Seupah, nyeupah (lemesna: ngalemar) nyaéta nyapék seureuh sapuratina; seureuh, jebug, gambir, apu, kapol, daun saga areuy, jeung bako sigig. Wadah seupaheun disebutna krenda atawa tampékan. Saméméh nyeupah, seupaheun téh diloco heula, nyaéta ngalemeskeun seupaheun dina sabangsa lulupang sagedé indung suku ti luhurna dirojokan bari didedet-dedetkeun ku minangka laki lumpangna. Sok disebut ogé locok, maksudna seupaheun diloco heula keur seupaheun nu geus lémong. Parabot lengkep pikeun ngaloco seupaheun disebutna loloco, sok disebut oge rojéh atawa lolodok. Nu disebut laki lumpang, laki lulumpang nyaéta halu pondok pikeun barangtutu dina lulumpang, sok disebut ogé lelenjing.
Nyeupah geus jadi salah sahiji kabiasaan kolot baheula. Biasana nu sok nyeupah téh nini-nini atawa aki-aki. Arang langka pisan jaman kiwari mah manggihan nu sok nyeupah téh, mun téa masih kénéh aya, meureun ngan hiji dua. Manpaat nyeupah diantarana pikeun ngajaga kaséhatan huntu, biwir, gusi, tikoro, jeung sistem pencernaan. Teu ngan samet dinya, nyeupah ogé ngabogaan siloka, silokana dicokot tina bahan-bahan seupah.
0 Komentar