Ilustrasi: Pinterest

"Nur geus burit kieu ulin kénéh?"

Manéhna saukur imut. Koléséd turun ti tumpukan bata.

"Kélanan, Nur deuk ka mana?" Manéhna dideukeutan. Kerewek ditangkeup. Teu weléh sono. Imutna ngingetan jauhna Si bungsu tina keukeupan.

Cep. Karasa awakna nyecep.

"Nur gering? Ké tangguan kedeng nya, ibu deuk ka luhur heula." 

Manéhna unggeuk.

Geugeuraeun léngkah muru rohangan kelas nu aya di tingkat tilu.

Kaluar ti rohangan ngahaja ulak-ilik ka sakuriling. Ditinggalkeun saminggu pelatihan, kaayaan sakola asa baréda. 

Ké heula..., ari éta Si Nur iraha naékna. Aya di hareupeun rohangan kelas pangtungtungna?

"Bu... Geuraeun geus burit."

Aéh pohoan. Pan tadi geus jangji ka Si Emang penjaga deuk sakedeng baé.

Gagancangan turun.Mata culang-cileung.

"Néangan naon Bu?" Si Emang geus aya gigireun.

"Ari Nur mana Mang? Tadi mah aya di dieu."

"Hampura kami Bu, poho ngabéjaan. Nur maot tilu poé kaliwat. Ragag ti ditu." Si Emang nunjuk ka luhur diteruskeun ku ceuleumeut.

"Itu Si Nur?" Biwirna ngageter. ***


Teh Zaneta Kurotuaeni, hiji wanoja nu dijurukeun di Menés, Pandéglang. Ibu rumah tangga nu boga karesep maca ti zaman madarasah Ibtidaiyah. Mimitu tulas-tulis sasajakan ti zaman madrasah Tsanawiyah. Dina zaman gadget jeung médsos jadi resep ogé nulis fikmin alias fiksimini. Sanajan lahir di wewengkon Pandeglang, tapi teu cicing di ditu. Kiwari bumetah di Serang, Banten.