Sangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta dongéng atawa legénda
anu asalna ti Tatar Sunda. Legénda kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung,
Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang sarta Gunung Bukit Tungul.
Tina legénda kasebut, urang bisa nangtukeun geus sabaraha
lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung. Dumasar kana legénda kasebut
anu dirojong ku fakta géologi, katorah yén urang Sunda geus hirup di dataran
ieu rébuan taun saméméh Al Masih.
Legénda Sangkuriang mimitina mangrupa talari lisan. Rujukan
tulisan ngeunaan legénda ieu aya dina naskah Bujangga Manik anu ditulis dina
daun palemlontar anu asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi.
Dina naskah kasebut ditulis yén Pangéran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran
Bujangga Manik atawa Ameng Layaran ngadatangan tempat-tempat suci agama Hindu
di pulo Jawa sarta pulo Bali dina ahir abad ka-15.
Sanggeus ngalakonan lalampahan panjang, Bujangga Manik anjog
ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh Bandung. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti
nuliskeun ngaran tempat ieu anu mangrupa sasakala Sangkuriang. Laporanana
nyaéta saperti kieu:
Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sasakala Sang Kuriang
Mangsa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan
Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja
Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani
anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung
bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai
mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis. Orok geulis
éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan
Rarasati. Réa raja anu ngalamar Dayang Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu
ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun diri
ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tunmang. Sabot keur uplek
ninun, toropong anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa
haroréam capé, Dayang Sumbi ngucapkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang
leuwih tiheula, manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu
ragrag lamun lalaki baris dijadikeun salakina. Si Tumang mangnyokotkeun
toropong kasebut sarta dibikeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi ahirna
ngajadikeun si Tumang salakina sarta ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré
ngaran Sangkuriang.
Sabot Sangkuriang keur moro di jero leuweung, manéhna nitah
si Tumang pikeun ngudag babi bikang Wayungyang. Alatan si Tumang henteu
nurutkeun, mangka dipaéhan ku Sangkuriang. Haté si Tumang ku Sangkuriang
dibikeun ka indungna anu tuluy diasakan sarta didahar ku Dayang Sumbi. Sanggeus
Dayang Sumbi nyaho yén anu didahar téh haté si Tumang, manéhna kacida ambekna
sarta nakol sirah Sangkuriang ku siwur anu dijieun tina batok anu
ngabalukarkeun tatu.
Sangkuriang indit ngumbara ngurilingan dunya. Sanggeus
sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna mecenghul di kulon sarta tanpa
sadar geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi. Sangkuriang henteu apal yén
putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi – indungna. Sangkuriang jeung
Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna. Tanpa ngahaja Dayang Sumbi
nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang antukna nyaho yén Sangkuriang téh
anakna sorangan sarta megatkeun tali asih. Cacak kitu Sangkuriang tetep memaksa
ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi. Tungtungna Dayang Sumbi ménta sarat nu
pamohalan kacumponan nyaéta sangkan Sangkuriang mangnyieunkeun parahu sarta
situ dina waktu sapeuting ku cara mendet walungan Citarum. Sangkuriang
nyanggupan ieu sarat.
Mangka Sangkuriang nyieun hiji parahu tina hiji tangkal anu
tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah jadi gunung Bukit Tunggul.
Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung Burangrang. Ku bantuan
para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas, terus
mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal sangkan maksud Sangkuriang henteu
kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas
hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek
meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan
anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum
dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung Manglayan. Cai
Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé
ditalapung ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung Tangkuban Parahu.
Sangkuriang terus ngudag Dayang Sumbi anu dumadakan ngiles
di Gunung Putri sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang
sanggeus nepi ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka
alam gaib (Ngahiyang).
Sasakala
Sangkuriang luyu jeung fakta géologi ngeunaan kabentukna situ Bandung sarta
Gunung Tangkuban Parahu.Koesoemadinata, R. The Origin and Pre-history of the
Sundanese. Institute of Technology Bandung. Panalungtikan géologis mutahir
némbongkeun yén sésa-sésa talaga purba geus 125 rébu taun. Situ kasebut jadi
garing 16000 taun katukang.
Di ieu
wewengkon, Gunung Sunda purba geus dua kali ngarandapan bitu dina wanda bitu
Plinian nyaéta dina 105000 sarta 55000-50000 taun katukang. Bitu plinian kadua
geus ngaruntagkeun kaldéra Gunung Sunda purba antukna nyiptakeun Gunung
Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang (disebut ogé Gunung Sunda), sarta Gunung
Bukit Tunggul.
Hal ieu
ngabuktikeun yén karuhun Sunda geus nempatan dataran luhur Bandung sarta
nyaksian bitu Plinian kadua anu nyapu padumukan palebah kulon walungan Citarum
(kalér sarta kulon situ Bandung) salila période bitu dina 55000-50000 taun
katukang waktu Gunung Tangkuban Parahu kabentuk tina sésa-sésa Gunung Sunda
buhun. Mangsa ieu téh mangsana homo sapiens; maranéhanana geus kanyahoan hirup
di Australia kidul dina 62000 taun katukang, sawaktu jeung Manusa Jawa (Wajak)
nu hirup kira 50000 taun katukang.
Numutkeun abah Surya sandiasmana abah Hidayat Suryalaga,
urut Réktor Itenas Bandung, sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi
munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang)
anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri
kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun
kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi
lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling
(toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu
eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang
meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang
Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka
musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan
ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol).
Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta
ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé
néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka
arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok
ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang
Sumbi).
Cacakan kitu, tétéla ngahijina antara Sang Égo Rasio
(Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi), henteu sagampang
anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus dikawasana Sang Égo
Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan sosial anu dumasar kana
kaasih jeung kanyaah, interdepéndensi – silih asih-asah sarta silih asuh anu
humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta hiji talaga kahirupan sosial
(nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala rupa kumpulan manusa kalawan
rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta, jatidiri nu sagemblengna ogé kudu
dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta
ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul anu jadi asal muasalna
(Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti gumelar (wétan, tempat mimiti
medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu némbongkeun éksisténsi dirina
(tutunggul, pananda diri) sarta dina panungtunganana manéhna ogé baris miboga
turunan anu kabiruyungan dina masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa
kabéhana bakal lekasan diteleg ku sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung
Burangrang).
Matak hanjelu lamun tétéla harepan pikeun ngahijina Sang Égo
Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir ngadahupna Sangkuriang jeung
Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir, ahir kahirupan (boéh rarang
atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka Sang Égo Rasio ngan saukur rasa
hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”. Mangka kaadigungan rasio dirina
ditalapung, jadi waé saurang manusa transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan
kasangsaraan anu tumiba kana dirina (Gunung Tangkubanparahu).
Sanajan kitu, lantaran sang Égo Rasio masih ngarasa
panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu dipidangdam (Dayang
Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo Rasio jeung Sang
Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun diri jadi saksi
laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo Rasio (kembang
Jaksi).
Panungtungan carita nyaéta mangsa datangna kasadaran
lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan kasadaranana ogé, dicabut
sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio (gunung Manglayang).
Mangka kiwari kabuka saluran prosés komunikasi anu sopan jeung saha ogé
(Sanghyang Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan
imeut, dijaga pisan kadaharan anu asup kana beuteung téh ngan anu halal bérésih
sarta méré mangpaat.
0 Komentar