Sajak Sunda Lalaki Di Tegal Pati | Karya Sayudi


Tjitraresmi sari wangi si lenjang bulan ngalangkang sampulur miindung layung

Rampayak mirupa merak sampayan kembang kamelang kembang dada Sri Baduga nu ngageugeuh taneuh pageuh di buana warna-warna.

Geulis kaasih pohaci kacapangan para raja di bumi terusing langit bumi ancikan lalaki langit ancikan birahi.

Diugung ugung ku degung ditimang-timang ku gondang atina dina kacapi rasana diri manusa.

Raratan ka tatar wetan ngalengkah-lengkah ka Bubat cundukna lain rek taluk datang lain rek sumerah seja nyungsi janji diri seja nguji ku pangaji.

Lampah diala ku Raja nu ngawasa tatar wetan sejana didama-dama diugung papayung agung tanjakan angkat ka Bubat mun cunduk nunggu saisuk baris dipapag jampana baris diarak ku pesta.

Cag: teundeun ingkeun urang ceungceum tunda satengahing dada rabut ka puhu papay ka akar geus dibeuweung caritakeun urang buru bukur galur urang papay pileumpangna bisi kalangkungan saur bisi kacampelak kecap.

Sapat lampahna ku niat dijajap para satria samakta pakarang perang bisina aya dodoja bisina aya cocoba banteng nyeta gajah meta.

Kolebat tegalan Bubat pasangrahan supa mayak umbul-umbul hulu maung rurumbe temeng ranggeteng

Nya gehger geger ku iber gelap ninggang pabeubeurang beja pabentar ti sangka.

Ratu tipu! Raja nista! Subaya dipulang cidra nu Geulis dipulang keris.

Renjag para sinatria sareundeuk ngabeubeut seuneu sarindat singa bayangan hurung tihul na jajantung.

Saur manuk rampak sumpah satria mo incah sembah bongan lampah dicacampah.

“Clik getih clak nanah mo inggis ku congo keris hamo gedag dibibira buyut nya biluk ka musuh satia ka Pajajaran”

Sakolepat pindah cupatreueuk deuleu ku kaceuceub langit dihuru ku napsu tegal diampar amarah.

Sawidak ahad tatandang pasir kalindih ku getih nya tegal tempat ngajagal.

Eundeur bengeut-beungeut dayeuh kasurak ku balarea

Raja Pajajaran tandang.

Iblis-iblis ting puringis setan-setan ting puringkak ngabedega Sri Baduga jirim sajungkiring pasir tangtung saluhur Galunggung sapuringkak bulu landak urat-urat Sangkuriang diaping para prajurit dijaga para satria.

Nenjrag bumi tilu kali oyag lemah sajajagat tingkoceak urang Bubat.

Gaur saur putu Galuh mapat aji-aji diri nya saur guludug urug ngareuhak paralak ruhak.

“Lalaki aing lalaki tukang nguyup getih jurit tukang ngakan bayah perang geura datang Raja cidra geura datang sato jalma papagkeun aing ku tumbak jajapkeun ku tungtung duhung nya hulu aing Citanduy hate aing Cisadane nunjang ngulon Ujungkulon”

“Mun saat tara paragat”

Tungkeb balad sajajagat ngala nyawa Maha Raja ngagilir Kujang anggoan sihungna Guriang Tujuh sipuhan Jaksa salapan diringkukan Raja Teluh ditunggu maung sapuluh cipangasah peurah naga panigas dua harerang seuseukeut dua paneuteup nu hiji ngancik na ati kadua napak di dunya.

Humandeuar Raja cidra nyawa diancam cangcaya umur katungkul ku kubur jajaten kapeped manten.

Metu tipu rikip licik ngutus pandung gudang burang nu weduk ukur di lembur anu bedang bayah belang Papatih ati jejerih. 

Entrang-entrang tengah beurang panonpoe bahe ngaler samagaha ninggang uga kila-kila aya baya.

Mangsa layung ngembang gunung jurit kasapih ku burit tangara ngahalang perang Sri Baduga mulang nukang

Kujangna merod ngacacang bawana teu daek mulang ciri aya nu nyamuni paler soteh ku pamepes.

Sajorelat pedang mesat nigas jangga Sri Baduga dihanca sawelas hanca ditindak sawidak nindak kahiji teu busik-busik kadua teu ceda-ceda katilu teu metu urut kaopat taya tapakna ukur malipis palipis ukur ngangkang luhur tarang liat kulit batan keris teuas tulang batang pedang panigas kalahka peunggas.

Maha Raja maseuk taneuh tohaga kuda-kudana nyawedel adeg-adegna hanteu kaunggutan gugup hanteu gigis bulu bitis malik gigir lawan ngejat ngusap birit Patih indit.

“Pangira lalanang perang rupa gajah atah warah nya hate gede tampele ti hareup teu wasa neuteup ti tukang daek ngawengkang”

Ki Patih malipir hinis seber wawanen ngaladen dilieuk ngabeungeut bueukundur laku ka jauhna nunggu-nunggu waktu mulus.

Kebat lampah Sri Baduga sajuringkang lengkah dangah mipir mayit nyukang bugang nya mapay-mapay babatang.

Katurih-turih ku pikir kasuat-suat ku rasa galindeng nu impleng-impleng.

“Rumasa aing nandasa sajalma nu boga cidratan kawilang nu harilang lalaki aing samisti asih ka pangaji diri taroh umur bela lembur sasaji bali ngajadi”

Srangenge tomper ka kaler harieum beungeutna reueuk tiis jahe hangru bangke pasangrahan pada lungse.

Cihcir ngurilingan peuting majuna ka tengah dalu bulan ditaleukeum ceudeum hiur angin ngayuh tunduh mirig peuting sungkan nyaring gempar balad Pajajaran.

Tengah dalu nunggu isuk nya nyukang carangcang tihang gugah Maha Raja gugah cucul-cucul duhung tarung dilaan Kujang anggoan rep sidakep mapat rajah ngujur ngidul ngayuh kidung menekung ka Sang Rumuhun neneda ka Nu Ngayuga.

Sang Rumuhun dina kurung nu Ngayuga dina rasa ngahiji dina dirina nguculkeun sagala napsu ngicalkeun rupa kahayang mepes sagala jajaten neang manusa nu dakwa neang lalaki nu bakti.

Kojengkang papatih curang nya nyamuni di nu suni anu nyumput di nu singkur anu nganti ti tatadi ngadu tarang teu kasawang ti tukang sok susuganan.

Nu menekung junun tangtung nu curang sawenang-wenang milih kulit anu ipis bisi meulit kana bitis bisina malindes tenggek.

Suruduk duhungna mangprung newekna sataker kebek sakali keris ngagaris nu kadua nyasar dada katilu cunduk ka wuku.

Geleger lemah ngageder gunung-gunung mungguh urug angkub satungkebing peuting gelap ngampar ngadak-ngadak pada muni pada nyaksi.

Buriak pengeusi Bubat koceak nyambat karamat pangira dunya pralaya.

Ki Patih kapicis miris kasima dangiang Raja melesat sang Kujang luncat bebela ka Sri Baduga sajorelat Patih ngejat diobrot ka mana anjog satungtung laku titipu.

Ngarumpuyuk Ratu Agungtitis-tulis nitih wanci ngahanju dibarung ngidung sasajina geus katampi pupus puguh keur menekung hilang pedah keur ngarajah.

Genjlong nonggong turun laun jajap napas Maha Raja ngembat-ngembat bulan mayat mapag nyawa Sri Baduga.

Sakereles geger ngiles sabaranyay bulan ngempray moncorong nyorot ka layon dipirig ku wawangian disambat ku kekembangan.

Beuki leutik bulan indit beuki seungit layon demit beurang ngangkang layon ilang nu tinggal raratanana anu kari lalakina tilem jero angen-angen ngahiji jeung katumbiri nutug leuwi-leuwi diri ngahiang di para bujang nu malire Cisadane nu sanggup ngabendung Bandung.

Cag :teundeun eunteungeun tunda ayakeun cangcang dina tulang-tulang geus dibeuweung dipakukeun dina cupu hulu laku dina padaringan ati urang teang balukarna.

Kawarti ka Tjitraresmi Ratu Punjul puput umur pada tihang Pajajaran nu Geulis katurih eurih nu Geulis medal citangis nya miripis hujan ipis lieuk paneukteukkan beuheung sareret bangke ngaberes para satria geus sirna.

Para istri geus lastari ngamukna ajur-ajuran ngalabrak anggeus-anggeusan ngiring sasaji ka Gusti milu tuturut ka Ratu.

Alumna kuwung-kuwungan sedihna jeg kingkilaban galindeng terusing ati kari milih-milih wanci nya tinggal nataan mangsa.

“Batan taluk kajeun undur batan pasrah kajeun hilang cadu kasiku ku musuh pantrang karagap ku lawan jeung pasrah ka Raja cidra mending rarabi ka pati”

Sagerentes angen tetes disaksi para pohaci rep sidakep mapat rajah nya rajah-rajah pamunah pamunah sagala rasa anu ngacacang di dunya museurkeun sagala pikir nu ngancik di bumi lahir ngageuing mulih ka jati sangkan naratas jalanna.

Dilagar wangkinganana dibebener kana angen dilelebah kana manahrep sarerep sirep wangkingan malang na raga Tjitraresmi labuh pati.

Hiuk angin wawangian mirig Putri nu lastari dipapag ku katumbiri nu tinggal raksukanana anu kari lalakina nya sampeureun para istri.

Cag: Tutug laku pungkas kecap teundeun paseukeun tanda pelakeun susun na tangtung entep na hate kari neuteupkeun ka hareup tinggal nyawang ka nu anggang mangka ludeung ku katineung waspada ku pangaboga.

Urang tutup galur catur padakeun tepi dinya

Bral!

Lalaki di Tegal Pati.."




Posting Komentar

0 Komentar