Tujuh Manpaat Bayem Liar/Senggang | Ubar Rupa-rupa Kasakit









Tangkal bayem liar ieu ditatar Sunda sok disebat senggang. Kembangna sok dianggo kaulinan barudak ngadu hihileudan nu maké paku jeung karét geulang. Bayem cucuk hirupna di Kebon di Buruan jeung di sisi Sawah, arang langka nu maliré yén bayem cucuk téh, seueur pisan mangpaatna kanggo ubar tradisional. Diantawisna,


1. BRONHITIS

Akar, tangkal, sareng daunna kulub sacekapna, cai 3 gelas dileueut sadinten sagelas.


2. DARAH TINGGI

Kulub daun bayem cucuk, ku 2 gelas cai, leueut sadinten sagelas.


3. KIIH NANAH

Akarna kulub ku 2 gelas cai, sésakeun sagelas, dileueut rutin.


4. DISÉNTRI SARENG WASIR

Kulub daun sacekapna sareng gula kawung, leueut sadinten 2 gelas.


5. ANÉMIA ATANAPI KIRANG GETIH

Rutin leueut kulub daun ieu, sagelas sadinten.


6. ASI LANCAR

Geprék daunna oléskeun ka na payudara

Leueut ogé kulubanana sadinten sagelas, daun sacekapna caina rada seueuran.


7. BOROK, BUDUG, ÉKSIM, RAHEUT DIABÉTÉS

Geprék dibalurkeun ka nu raheut atawa kulub ku cai sapanci, caina anggo leuhang sareng ngeueum dianggo ibak.


MUGIA MANGPAAT

Teu kénging lepat bayemna! Kumargi rupi-rupi kelir bayem, ieu mah bayemna semu beureum aya cucukan.


Kénging ti facebook dipedarkeun ku Abah Heryawan.

Posting Komentar

0 Komentar