Si Déwan humarurung, masarakat siga anu giruk ka manéhna. Ari tiheula asa babari dipilihna. Ngajabat saperiodeu, loba bungbu nu karonéng umyang. Ari ayeuna mani seuseut.
Boro-boro didatangan pikeun kompanyeu, karék panggih di pasampangan ogé patingbalieur. Béda jeung pihak lawan. Pindah poé kalah beuki mapay kompanyeuna. Ka suklakna, ka siklukna didatangan, bari teu elat disambut. Keur mah Ustad kasohor.
Si Déwan néangan akal, manéhna ngobrol jeung tim suksésna. Sugan aya cara jétu ngumpulkeun dukungan. Batan manggih bongbolongan, kalah olok udud jeung kopi, puguh deui ari amplop mah.
Supir anu nyaho kaayaan dununganana, méré béja. Cenah, aya 'jelema bisa' di daérah kulon. Lumayan jauh, tapi da ukur jam-jaman di jalanna mah. Ngadéngé kitu, Si Déwan indit jeung supirna, pamajikanana ogé milu.
"Saratna mah gampang, Pa. Wayahna, kudu ngajauhan anu ngaranna awéwé." ceuk Ki Dukun.
Pamajikan Si Déwan, seuri. ***
Majalaya, Oktober 2021
0 Komentar