Seureuh Cina Ubar Rupa-Rupa Kasakit, Naha Enya? 11 Manfaat Seureuh Cina







Mun seug urang merhatikeun tutuwuhan liar nu aya di sabudeureun imah atawa pakarangan, tangtu mindeng pisan manggihan jukut nu daunna hejo hérang luis jeung watangna hipu. Di Jawa Barat mah sabagéan gedé nu nyebut téh Seureuh Cina. Ieu jukut kaasup kana tutuwuhan liar nu bisa hirup di mana waé, lolobana napel dina témbok atawa bénténg nu geus lumutan.

Sanajan asup kana golongan tutuwuhan liar, ceuk sabagéan mah ieu seureuh cina téh ngabogaan rupaning manfaat hususna pikeun kaséhatan. Cenah, seureh cina atawa ngaran laténna Peperomia Pellucida ieu ngabogaan agén anti kanker jeung anti peradangan nu alus keur kaséhatan. Teu ngan kitu, seureuh cina ogé ngabogaan kandungan antioksidan gedé pikeun ngajaga kaséhatan awak.

Tong héran, seureuh cina ieu manfaat pisan tur bisa jadi ubar rupa-rupa kasakit. Ti mimiti arthritis, asam urat, gangguan sistem kemih, nepi ka kanker.

Ieu seureuh cina geus dipaké pikeun obat hérbal tradisional ku masyarakat zaman baheula. Dicutat tina Health Benefits Times, ieu rangkuman manfaat daun seureuh cina.



1. Ngubaran Kasakit Arthritis Rheumatoid

Manfaat seureuh cina pikeun kaséhatan nu kahiji nyaéta pikeun ngubaran kasakit Arthritis Rheumatoid. Carana, ieu watang seureuh cina dijus, disaring tuluy diinum tiap isuk-isuk jeung peuting. Sanajan kitu, urang kudu tetep ati-ati dina ngonsumsi ieu ramuan sabab bisa méré éfék langsung dina waktu nu singget sanggeus dikonsumsi.

2. Ngajaga Kaséhatan Pencernaan

Manfaat seureuh cina nu kadua nyaéta bisa ngajaga kaséhatan pencernaan. Carana, ieu seureuh cina digodog. Cai godogan seureuh cina geus kabuktian bisa ngurangan pasien nu boga kasakit maag.

Tina hasil studi, ékstrak seureuh cina bisa nyangkurangan karuksakan mukosa lambung, atawa lapisan selaput lendir nu eusina kelenjar jeung liang lambung. Mun téa boga kondisi kaséhatan nu aya pakuat-pakaitna jeung pencernaan, ngonsumsi ramuan godogan seureuh cina bisa jadi alternatif pikeun pangobatan hérbal. 

3. Ngabantu Ngubaran Kasakit Kanker

Manfaat seureuh cina nu katilu nyaéta bisa ngabantu ngubaran kasakit kanker. Ieu tuwuhan liar geus kabuktian bisa nyegah jeung ngalawan jadina sel kanker. Cenah seureuh cina bisa ngalawan rupaning patogén, baktéri, jeung senyawa radikal bébas.

4. Nyageurkeun Fraktur

Manfaat daun seureuh cina ogé bisa ngabantu nyageurkeun fraktur. Numutkeun panalungtikan, daun seureuh cina ngabogaan kandungan mineral nu guna pikeun nyageurkeun kasakit nu pakuat-pakait jeung tulang. 

5. Ngabogaan Antioksidan Kuat

Manfaat seureuh cina nu kalima nyaéta ngabogaan kandungan antioksidan kuat. Kandungan antioksidan ieu bisa ngabersihkeun senyawa radikal bébas nu asup kana awak. Numutkeun hasil studi, majar daun seureuh cina jadi sumber alami nu alus pikeun terapi antioksidan.

6. Anti Jamur

Anti jamur ogé kaasup salah sahiji manfaat seureuh cina. Sipat anti jamur nu aya dina seureuh cina, majar éféktif pisan pikeun ngalawan jadina jamur nu kadituna jadi rupa-rupa kasakit kulit. Tangtu, ieu ramuan guna pikeun nu mindeng katarajang kasakit kulit nu diakibatkeun ku jadina jamur.

7. Ngabantu Ngubaran Déprési

Manfaat daun seureuh cina bisa oge ngabantu ngubaran déprési. Dina hiji studi, ditalungtik seureuh cina ngabogaan aktifitas déprésan. Ngonsumsi ékstrak seureuh cina ieu kalawan dosis nu bener bisa ngabantu ngubaran gangguan rangsangan mental nu kaleuwihan, kaasup déprési.

8. Anti Inflamasi

Salian anti jamur, manfaat seureuh cina ogé ngabogaan sipat anti inflamasi. Ngonsumsi ékstrak seureuh cina majar bisa ngabantu nurunkeun gejala peradangan, jiga kondisi kulit nu beureum, ateul, jeung bareuh. Malahan, seureuh cina ngabogaan aktifitas anti inflamasi nu éféktif jeung signifikan.

9. Ngurangan Asam Urat

Manfaat seureuh cina pikeun kaséhatan nu kasalapan nyaéta ngurangan gejala asam urat. Tina panalungtikan nu dipigawé kana sato beurit, beurit nu dibéré ékstrak seureuh cina nembongkeun turunna kadar asam urat 44% dina geutihna. Tina panalungtikan ieu, cindekna seureuh cina ngabogaan kandungan senyawa nu bisa dipaké pikeun alternatif ngontrol kadar asam urat sacara éféktif.

10. Anti Bakteri

Anti bakteri ogé kaasup manfaat tina seureuh cina. Seureuh cina ngabogaan sipat anti baktéri anu kuat. Minyak atsiri nu dijieun ku cara ngeueum daun jeung watang seureuh cina kabuktian bisa ngajaga jadina baktéri ogé dimanfaatkeun pikeun ngaberesihan radikal bébas.

11. Nurunkeun Kadar Koléstérol

Manfaat seureuh cina pikeun kasehatan ogé bisa nurunkeun kadar koléstérol. Godogan seureuh cina mun diinum kalawan dosis nu meujeuh bisa ngabantu nurunkeun kadar koléstérol. Manfaat ieu guna pisan pikeun ngurangan risiko keuna kasakit serangan jantung, struk, jeung penyakit lian nu pakuat-pakait jeung sistem kardiovaskular.

Tah éta di luhur sawelas manfaat seureuh cina pikeun kaséhatan. Sanajan kitu, urang teu bisa samanéa dina ngonsumsi ieu tutuwuhan tetep kudu dina dosis jeung takaran anu pas.


Posting Komentar

0 Komentar