LINGGA YONI INDIHIANG
Leuwihieum ngaranggeum Dèwi Parwati
Napak giri Kabuyutan indi
Bihari Hiyang Siwa run lingga yoni
Sèah Ciloséh loka tatanèn pamuji
Taruma nyaba sadurung Galuh
Giri Tani bèakeun geugeuleuh
Kajejek mamaras sarakah dayeuh
Bedah lara pati runcah
Ieung Sindanglengo ngotok ngowo
Ngusak ngusik-ngusik rurumpil bareto
Panimbang duduteun sologoto
Ka peto hariwang poho
Dewi Purwanti ngahindi jadi
Hiyang Siwa ngahiang beurang
Indihiang
Gunung Kabuyutan, 2021
NGABUBUY CITANDUY
Lain ngan saukur kendi ngeusian cai lahar
Jajambaranna nandèan batu-batu kamelang
Dina kancah keusik digarang kanyaah
Anu hawuna dina tapakan baheula
Cuang ngasakan walungan lembur
Meungpeung ruhak sèsa masih aya
Cuang bubuy Citanduy ibur
Meungpeung jauh na panglaki kota
Batu Bangkong Citanduy, 10 2020
PARUPUYAN TENGAH KOTA
Seungit madat kakeueung unggal parapatan
Gedèg lalampahan ningker samuringkakna
Kukurilingan nèangan pangradinan seseblakan
Karogahala manis pangkat kaayaan
Bulkus lestreng areng kurung batok
Ningker diri miyuni nyumput kamari
Taya sampeureun pikeun nagih jangji
Saban manusa jaradi kotok bongkok
Bur ngadedur ruak beureum amarah
Kapercaya panas cangcaya papada jalma
Mulang ilang rasa leungit wiwaha
Saha anu rèk tanggung jawabna
"Parupuyan tengah kota geus nyata
Karasa bau-seungitna ku salarèa"
Taman Kota T, 20 juli 2021
RONGGÈNG CIRÈONG
Jauh mangsa teuteupan Taruma
Panyucian pupujian amarah dunya
Pohaci Rababu pinasti ngayuga
Laksana paneja rama Sempakwaja
Lain Galuh ka geuleuh Candrararesmi
Galih Rahiyang Kedul janji pinasti
Meulah bukti purba Cupu Giri
Sapaat karamat bersih ati
Ieu jiad lain meunang embung
Nitis beurang tulis peuting beunang
Lahir Walahir lembur linuhung
Kaso kalangkang ronggèng Cirèong
Kalangkang sètan amarah
Kalangkang kapir dimusrik
Kalangkang Gusti di Rosul
Kalangkang sajati kayakinan
Panas tiris ka 4 poèna, juni 2021
SALATRI KOTA SANTRI
Beuteung kosong, purah salah kaprah
Rèk usaha dibuburak legig gegedén
Asa dibèrè sèsèngkèd kèhèd
Teu saeutik nu lèwèh jadi paèh
Lieur, nyimbutan kamayung wirang
Rèk rerep dicowong juru alok juragan
Asa meupeus keuyang wiwaha
Loba anu seungit jadi seuseungiteun
Sebel, maras miris Kota Santri
Rèk medal sila dicomot mandor sohor
Asa nyanghulu ka alak paul
Teu saeutik anu rungsing jadi galingging
Kaluar kèsang tiis pancabaya
Rèk perlaya diapilain mantri wiati
Asa meungpeun carang cararaang
Loba anu kapalingan jadi maling
Geuning salira mindingan beungeut ku saweuy
Cenah moro taya ngala ngaranggeuy
Geuning dayeuh limpeur nandè cai ku ayakan
Cenah cageur bakal lobakeun barang hakan
Tasikmalaya, 16 juli 2021
BIODATA PANYAJAK
Ki Andi Débléng katelahna, wasta aslina Andi Ardiyansyah borojol di Tasikmalaya balik ka Gunung Galunggung keur meumeujeuhna gergeran bitu. Inaya teu pernah bangku kuliah di sastra Sunda, tapi saprakna bérés sakola SMA inaya cilingcingcat kuralang-kuriling néang pangarti sabudeureun Jawa Barat malah nepi ka Bali taun 2002-an nepi ka taun 2010-an.
Inaya saméméhna geus aub ilu-biung jeung Sanggar Sastara Tasik (SST) anu di kongkolakeun ku Acep Zam-Zam Noor jeung Saéful Badar ti SMP kénéh. Nalika SMA asa ka jalanan réhna inaya ilu-biung jeung Sanggar Téater Opelét anu aya di éta sakola anu di dirikeun ku alm. Cupit. Nya beuki ka asah jeung beuki ka raut rasa jeung jiwa seni na utamana seni Sunda.
Kiwari inaya ngadegkeun sanggar seni Sunda nu ngarana Katara Badranaya, salian ti resep nulis khusus kasundaan antalogi sajak Sunda ka 1 na nyaéta "Ambeu Dayeuh Kuring" anu kerja sama jeung Kick Andy Fondasion. Inaya ogé salian ti resep nulis nyiptakeun ogé sababaraha kakawihan jentréng kacapi di antarana judul ; Tasik, Paheut Pasini, Girimis Pasosoré, Sasakala Kota, Monyét jeung Nu Lianna.
Inaya pernah ogé ngawulang di sababaraha SD jeung SMP malah pernah jadi Konsultan Budaya di salah sahiji univesitas di Tasikmalaya. Salian ti ngurus sanggar Katara Badranaya anu barudak atikanna SD, SMP, jeung SMA, malah aya nu kuliah, inaya ngawulang di SMP Plus Darul Ihsan Sindangkasih, Ciamis.
0 Komentar