Wacana siaran TV Analog nu ceuk warta bakal dipareumman paling elat tanggal 30 April 2022, sedengkeun tahap ahirna tanggal 2 November 2022. Ngeunaan ieu kaputusan, Kominfo boga alesan lantaran kondisi pandemi Covid-19 di Éndonésa keur ayeuna-ayeuna diniléi can kondusif.
Mun téa ieu wacana pareng kalawan total dina bag-bagan réalisasina tangtu bakal méré dampak hadé jeung goréng. Tapi disatukangeun éta aya kauntungan pikeun nu masih panceg ngokolakeun siaran radio. Sanajan ceuk béja, cenah di taun 2015 jumlah nu ngadéngékeun radio ngan kari 13% tina sakabéh konsumén média.
Asana, pareumna siaran TV Analog bakal jadi lantaran siaran radio jadi ramé deui. Naha? Robahna tontonan TV tina analog kana digital asana moal rempeg ganti saharitaeun, moal saeutik nu tumut, teu saeutik ogé nu masih mang-mang sanajan meureun sakur nu hayang boga TV dikudukeun boga TV digital.
Keur masarakat tarutama nu geus umuran atawa nu kasabna di jero imah, tangtu panglumpatanna kana média nu geus nyampak jeung teu ribet, radio salah sahijina. Komo mun urang apal, di daérah tepis wiring mah rata-rata tiap imah pasti ngabogaan radio minimalna hiji jeung biasana radio heubeul. Can deui anu mémang ngahajakeun meuli radio keur batur barang gawé, da kitu téa, ilaharna di lembur mah barang gawé téh biasana gigireun radio, penyiar geus asa jadi batur sapopoéna.
Mun urang nilik wanci nuturkeun kana zaman, nu ngaranna média geus teu hésé disiar jeung éta lain barang anyar, kiwari mah hampir kabéh média téh papada nyekel dina leungeun séwang-séwangan. Sanajan kitu, tarutama dina nyerep informasi mah, TV jeung radio masih kénéh jadi andelan sabab keur mah geus aya ti baheula (malah baheula mah cenah keur anyaran aya, radio téh disebutna ogé mesin ngomong). Dua média éta dianggap akurat dina nepikeun warta berita, ngabungkeuleuk, jeung référénsina dianggap leuwih atra.
Kiwari, keur sabagéan gedé ngadéngékeun radio téh sakaparan-paran, malah sabagéan gedé barudak ngora mah tara pisan, paling-paling ngadéngé saliwat ti pabrik nu kabeneran keur nyetél. Tapi ngeunaan sawangan radio bakal ramé deui bisa kabuktian ku hasil survéy nu geus aya, dicutat tina radioindonesia.co.id, jumlah nu ngadéngékeun radio ti taun 2017 ngaronjat nepi ka 21%. Jangkauan radio nepi ka 22,759 Juta tiap poéna di 10 Wewengkon ku rata-rata durasi ngadéngékeunna 120 menit atawa leuwih ti 2 Jam dina sapoéna.
Atra, sabenerna radio masih kénéh jadi média andelan masarakat, katambah ku pareumna siaran TV Analog taun 2022 nu bakal datang, jelas bakal jadi kauntungan pikeun siaran radio. Nu jadi modal gédé pikeun radio nyaéta béda jeung siaran TV. Bédana, lalajo TV moal bisa bari barang gawé jeung kudu daria dina lalajona, kakarak eusi tina nu disiarkeun bisa katangkep. Katambah siaran TV nu sipatna universal ngan saukur bisa jadi pangbeberah wungkul, lian ti nyerep informasi.
Béda jeung radio, radio mah sipatna leuwih pribadi antara penyiar jeung nu ngadéngékeun, kalan-kalan mun penyiarna wacis dina ngobrol, teu saeutik nu kabandang haténa, naon nu ditepikeun ku penyiar bisa nyeceb kana haté nu ngadéngékeunna. Leuwihna deui, radio bisa didéngékeun kalawan katampa eusina keur kaayaan kumaha waé, boh keur barang gawé atawa komo mun ngahajakeun ngaregepkeun.
Aya saeutik nu jadi pr keur nu masih ngokolakeun siaran radio. Kalimah 'kauntungan pareumna siaran TV analog keur radio' kudu disetabiloan atawa maké garis handap. Hade pisan mun téa nu ngokolakeun siaran radio gera-giru tatahar ti ayeuna, sabab waktu ka pareumna siaran TV Analog geus samporét pisan, mun teu dimanpaatkeun kalawan setratéhi nu hadé tangtu bakal éléh saing 'diléngakahan ucing'.
Radio kudu ngawangun révolusi, boh dina kualitas konéksi, program, sumber daya manusana, jeung nu paling penting nyaéta pasar. Gebrakan pikeun ngabandang klien anyar kudu wagiru dipasang, sabab teu saeutik nu boga anggapan yén siaran radio beuki dieu majar beuki monoton, programna kitu-kitu kénéh. Ku kituna, bisa dicindekeun dina ieu bag-bagan paribasa "siapa cepat dia dapat" teh laku dina ieu pasoalan.
Radio, bakal jiga pakéan di toko nalika nyanghareupan poé lebaran. (Cévi Whiésa)


0 Komentar