Cacandran asalna tina kecap candra (basa Sangsekerta) hartina bulan atawa nataan. Cacandran mangrupa wangun rajékan, nyaéta tina kecap candra dirajék engang mimiti (dwipurwa) binarung ngararangkénan tukang -an, hasilna cacandran.
Cacandran hartina panataan kana pasipatan tempat, anu sabréhan mah siga nujum (ramalan). Pasipatan tempat anu ditataan téa henteu diébréhkeun sacéréwélna, tapi réréana disalindungkeun atawa disindirkeun. Cacandran ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman anu kasorang. Cacandran ogé mangrupa bagian tina itungan palintangan kénéh. Contona:
• Bandung heurin ku tangtung
• Banagara sor ka tengah
• Ciamis amis ku manéh
• Cianjur katalanjuran
• Sumedang ngarangrangan
• Tasikmalaya sukapura ngadaun ngora
• Galunggung ngadeg tumenggung
• Pangandaran andar-andaran
• Wanayasa mancangkrama
• Garut jadi pangirutan
• Ciroméd kampung beling
0 Komentar