Euyeubna rempah-rempah di Éndonésia jadi lantaran masyarakat zaman baheula nyieun rupa-rupa olahan tina éta rempah. Di Jawa Barat, aya nu biasa disebut Bandrék, nyaéta olahan jahé, kayu manis, jeung cengkéh. Lian ti rasana nu ngabogaan has jeung ngahaneutkeun kana awak, Bandrék ogé ngabogaan hasiat pikeun kaséhatan. Dicutat ti tagar.id, ieu di handap sababaraha hasiat jeung manfaat Bandrék.
1. NGALAWAN KASAKIT KANKER
Inuman Bandrék majar bisa ngabantu ngalawan kasakit kanker. Numutkeun hiji panalungtikan ti panduan praktis Asosiasi Farmasi Amérika, cenah minyak cengkéh nu aya dina Bandrék ngabogaan senyawa anti oksidan nu kuat. Ku kituna, aya zat protéksi anti kanker di jerona.
2. NGUBARAN NYERI HUNTU
Kandungan minyak cengkéh dina sagelas Bandrék oge bisa ngabantu ngurangan nyeri huntu nu kanceuh. Minyak cengkéh dina sagelas Bandrék oge majar ngabogaan manfaat jadi analgastik atawa obat nu nahan rasa nyeri.
3. NURUNKEUN TEKANAN GETIH
Kandungan jahé dina inuman Bandrék bisa ngabantu nurunkeun tekanan darah, sabab jahé ngabogaan zat senyawa nu bisa ngalebur pembuluh getih nu ngagumpal. Jahé ogé bisa dipaké perangsang pikeun ngaleupaskeun hormon adrénalin.
Ku kituna, getih dina awak urang bisa ngalir kalawan leuwih alus jeung ngabantu ngaringankeun tugas jantung nalika ngompa getih.
4. NGAJAGA PERADANGAN (INFLAMASI)
Salian beunghar anti oksidantina minyak cengkéh dina sagelas Bandrék, kandungan flavonoidnya ogé mampu ngubaran peradangan atawa inflamasi. Dianjurkeun pisan nginum Bandrék pikeun nu ngabogaan peradangan dina sendi. Lian ti kitu, inuman Bandrék ogé ngaogaan senyawa ekspétoran nu alus pikeun ngubaran masalah dina saluran pernapasan.
5. MAEHAN PATOGEN ASING
Dina kondisi awak nu lemah, rupaning virus atawa bakteri bisa nerap ngaliwatan naon waé. Dina kondisi lemah, awak teu bisa ngaprotéksi diri tina serangan baktéri atawa virus. Ku kituna, dibituhkeun kainuman nu ngandung antioksidan kuat.
Dina kondisi kitu, inuman Bandrék bisa jadi solusi. Kandungan jahé ngabogaan antioksidan kuat pikeun nyinglar radikal bébas.
Tah éta di luhur, lima hasiat jeung manfaat Bandrék pikeun kasehatan. Kawilang alus dina kaayaan kiwari nu mahabu ku sasalad, mun téa urang ngahajakeun ngonsumsi Bandrék.
0 Komentar