Wedal Lahir Sunda Kuno Numutkeun Kolot Baheula

 











Kolot urang baheula, tarutama anu ngagem kuat tradisi, masih kénéh maké irongan sipat wedal pikeun nangtukeun hiji hal, tarutama anu aya patula-patalina jeung kahirupan. Saperti nangtukeun wedal kawinan, indit-inditan, puasa, jeung lianna. Tarutama dina wedal kalahiran, dipercaya ngabogaan siloka, jeung cenah sipatna  éta wedal ogé larap kana dirina.


Ngan ieu mah sawates tali paranti kolot baheula. Dipercaya heug henteu ogé taya tuntutan, omat, ieu mah taya patula-patalina jeung kayakinan, anggap waé hiburan.


1. Senén/Kembang

Jalma anu lahirna poé senén ngabogaan sipat; Mentingkeun tétémbongan diri, sok rapih. Loba dipikaresep batur, béréhan. Ngan sok asa aing, yeuh aing, jeung keukeuh peuteukeuh.

2. Salasa/Seuneu

Jalma anu lahirna poé salasa ngabogaan sipat; Hadé jiwa sosialna. Resep nulungan, teu ningali saha-sahana. Satia jeung hésé begér deui. Tong wawanianan nipu jeung ngahianat ka manéhna sabab gedé tur goréng ambek jeung resep ngagedé-gedé masalah.

3. Rebo Hartina Daun

Jalma anu lahirna poé rebo ngabogaan sipat : Cicingeun, kalem, ngawibawa, hadé basa jeung laku. Lamun geus wanoh deukeut, manéhna sok ngabungahkeun. Mikanyaah ka kulawarga. Tapi, babari kabawa arus, gampang percaya kana omongan anu can tangtu bener. Paling anti dititah.


4. Kemis Hartina Angin

Jalma anu lahirna poé kemis ngabogaan sipat; Teu gampang putus harepan, sumanget, gawéna hadé, tekun, giat latihan. Sok teu betahan di imah. Kadang sok “ciga kacang poho kulitna”, loba omong, curigaan. Hadéna tara ngadendam.

5. Juma’ah Hartina Cai

Jalma anu lahirna poe juma'ah ngabogaan sipat; Tenang, nyegerkeun, sakapeung sok jiga ombak, ngamuk. Cicingeun, prinsipna “leuwih hadé répeh tibatan ngomong nu taya mangpaatna.” Wibawana tingkat luhur, loba dipikakagum ku batue. Ngan égois, keukeuh kumaha manéhna, sok “asa aing, yeuh aing!” jeung sagala kahayangna kudu dicumponan.

6. Sabtu Hartina Taneuh/Bumi

Jalma anu lahirna poé saptu ngabogaan sipat; Pisikna jeung pamadegan kuat, ogé wedel haté. Cita-citana luhur jeung béréhan. Teu asa-asa méré nu dipibanda keur nulungan batur. Goréngna, sok hayang ngawasa jeung mibanda naon waé anu dipikaresep, rada égois, jeung sombong. Ngan teu gancang putus asa jeung leukeun ikhtiar.

7. Ahad Hartina Méga/Langit

Jalma anu lahirna poé ahad ngabogaan sipat; Loba baladna, pergaulanna salega méga. Hadé basa jeung laku ka sasaha. Pinuh sumanget gawé. Kurangna sok kamalinaan kana kasedih, sagala kahayangna kudu dicumponan, lamun henteu? Manéhna bakal nyaréatan ku cara naon waé. Lamun soal cinta, manéhna satia jeung lain tipe gampangan.

Ngan ieu mah sawates tali paranti kolot baheula. Dipercaya heug henteu ogé taya tuntutan, omat, ieu mah taya patula-patalina jeung kayakinan, anggap waé hiburan.



Posting Komentar

0 Komentar