Parabot Pikeun Nyambut

Aya sababaraha parabot anu digunakeun pikeun nyambut maké munding; wuluku, sambilan, sawed, tinggar manuk, konali, babantal, lanjam, bubuntut, cacadan, paseuk, paranat, huntu garu, pamélét, cacadan, cagak, jeung kokolécéran.

• Wuluku anu wangunna jiga palu gedé anu dijieun tina kai. Anu miboga fungsi pikeun ngabajo sérang, biasana maké kebo pikeun narikna. Wuluku pakakas paranti muyarkeun taneuh sawah diwangun tina kai kalayan dihareupna maké ruruhit sina rada méncos, dijieun tina beusi kira-kira sagedé dampal leungeun, gunana sangkan taneuh ngaboréngkal kaluar atawa kagigir, sarta ka tukangna maké bubuntut minangka panyepenganana, biasana ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.

• Sambilan nyaéta kai nu ngahapit kana beuheung munding.

• Sawed atawa tali sawed nyaéta tali anu meulit kana beuheung munding. Dina sesebutan waktu urang Sunda, aya nu disebut pecad sawed (kira-kira jam 10.00), dicokot tina waktu dipecatkeunana tali sawed tina beuheung munding téa (pikeun ngareureuhkeun munding) nu ilaharna kira-kira jam 10.00.

• Tinggar manuk nyaéta paseuk anu ditancebkeun dina pasangan, paranti ngaitkeun konali.

• Konali nyaéta tali anu nyambungkeun pasangan jeung cacadan singkal atawa garu.

Singkal nyaéta parabot paranti nyungkalkeun taneuh (paranti ngawuluku). Babagian singkal:

• Babantal nyaéta bagian handap singkal, tempat napelna lanjam.

• Lanjam nyaéta seuseukeut singkal, bahanna tina beusi.

• Bubuntut nyaéta kai anu napel kana babantal nu biasa dicekel ku nu keur ngawuluku.

• Cacadan nyaéta ruyung atawa awi anu dipaké panyéréd singkal (garu) anu ngahubungkeun wuluku jeung munding.

• Paseuk, aya dua rupa nyaéta :

1. Paranti muntangna cacadan kana bubuntut.

2. Paranti nungkulkeun atawa nanggahkeun kabantal, ngatur jero déétna tapak singkal.

• Paranat nyaéta tambang paranti narik hulu munding lamun dipiderkeun.

Garu nyaéta pakakas paranti ngalembutkeun taneuh beunang macul atawa beunang ngawuluku.Babagian garu:

• Huntu garu nyaéta dijieun tina ruyung atawa beusi anu nyocod dina garu, wangunna kawas sisir.

• Cagak nyaéta panahan cacadan anu luhur, paranti diuk tukang munding.

• Kokolécéran nyaéta kai anu dipaké mageuhan cacadan anu luhur.

• Cacadan nyaéta awi anu nyodor ka hareup, anu dipaké narik garu.

• Pamélét nyaéta awi paranti ngaratakeun taneuh lamun geus lembut.


Posting Komentar

0 Komentar