Bangklung nyaéta hélaran, iring-iringan nyorakeun terebang jeung angklung. Ieu Bangklung téh ayana di daérah Garut, Jawa Barat. Fungsi kasenian Bangklung diantarana pikeun ngaramékeun hajat budak nu geus disunatan, atawa acara-acara lianna.
Film dokumenter ngeunaan Bangklung
Pamaén bangklung diatarana, Terebang aya salapan anu kabagi jadi tilu kelompok. Kelompok anu kahiji disebut Bawa, kelompok anu kadua nyaéta Ngikut (nuturkeun), jeung kelompok anu pamungkas disebut nyeling (nyelingan). Angklung fungsina keur mawakeun mélodi jeung ngiringan lagu.
0 Komentar