![]() |
Situs Gunung Gede, Mangkubumi, Kota Tasikmalaya. Foto: Pangdeudeul |
PANGDEUDEUL - Situs Gunung Gedé perenah na di Kampung Babakan Témpé, Kalurahan Sambong Kacamatan Mangkubumi Kota Tasikmalaya. Numutkeun carita warga di sabudeureun, cenah ieu situs téh masih aya patula-patali na jeung sajarah Éyang Prabu Adilaya, Situ Gedé. Aya ogé nu nyebutkeun yén ieu situs aya patula-patali na jeung sajarah asal muasal ngaran ’sambong’.
Ngan numutkeun naskah nu dicutat ti Makam-Makam Kuno di Tasikmalaya nu medal dina rohangan média online panalungtik.kemendikbud.go.id mah, ieu situs téh mangrupa makam Amirudin, Makam Embah Nangga, jeung Makam Amburudin.
dokumentasi: kunjungan pangdeudeul 2019, 2020.
0 Komentar