Mikawanoh Wahyu Wibisana | Sastrawan Budayawan Sunda


Wahyu Wibisana gumelar di Tasikmalaya, 19 Januari 1935, tilar dunya di Bandung, 13 Oktober 2014 dina umur 79 taun. Wahyu Wibisana nyaéta panyajak Sunda jeung pangarang skénario ngarangkep sutradara. Nyuprih atikan di SR, OVVO, Sakola Guru B, KGA, sarta di IKIP Bandung (UPI) taun 1981.

Réa pisan karya-karya na sawaktu aktif dina seni budaya. Tarutama dina wangun puisi anu saterusna disanggi ku jadi kawih Mang Koko, saperti Bulan Bandung Panineungan, Kembang Tanjung Panineungan, Reumis Beureum dina Eurih, Samoja, Gupay Pileuleuyan, jsté.

Wahyu ogé loba nulis Gending Karesmén anu biasa disutradaraan langsung ku manéhna dina pagelaran nu kolosal saperti Si Kabayan, Mundinglaya Saba Langit, Inten Déwata, Galunggung Ngadeg Tumenggung, jsté.

Sajaba ti jadi sastrawan, Wahyu kungsi ogé jadi guru, jurnalis, aktivis di sababaraha organisasi kasundaan. Anjeunna ogé salah sahiji panaratas Majalah Manglé di Bogor.

Ieu di handap salah sahiji karya sajak Wahyu Wibisana,


PANGBALIKAN


Iuh-iuh gunung kuring

angin ulin dina embun-embunan

sawaktu-waktu kuring kudu nepungan

duméh hirup halabhab cinta

di maranéhna nya ayana


Aya sababna kuring tibelat

aya sababna kuring pegat

tapi nu ahir lain kaabadian

kakasih dina haté ngawih deui


Iuh, iuh gunung kuring

nyata, nyata tanda tanda

ngabalungbung jalan hirup

nepi ka nyawa rék surup

ka maranéhna kuring rék balik

ka maranéhna kuring rék pamit


Ciawang, 28 - 7 - '56


Tina Warga No.193

Tgl. 22 Agustus 1956


(wikipédia sunda)






Posting Komentar

0 Komentar