Longsér nyaéta salah sahiji kasenian nu méntaskeun carita nu miboga nilai-nilai luhur nu raket jeung kahirupan masarakat. Nilai-nilai nu aya dina carita longsér téh bakal dipangaruhan ku jejer nu geus ditangtukeun. Longsér diwangun ku sababaraha bagian penting nu jadi ciri tina kasenian éta. Pagelaran longsér téh biasana dibarung ku nayaga, pamaén, jeung bodoran nu miboga daya tarik sorangan keur panongton.
Salian ti éta, pagelaran longsér ilaharna mineng dipidangkeun peuting-peuting. Lamun pagelaran nu dipidangkeunna siang disebutna lontang. Longsér mangrupa salah sahiji téater rahayat Tatar Sunda nu hirup di daérah Priangan, pernahna di Bandung Kidul Daérah Ranca Manyar Kacamatan Pameungpeuk.
Pakakas pikeun nyaanganana disebut oncor nu miboga sumbu tilu atawa lima. Disimpen di tengah-tangah, sedengkeun gamelan disimpen di tukang sakalian pikeun tempat para anggota rombongan ngaganti raksukanana.
0 Komentar