Paribasa jeung Babasan Sunda nu Ngandung Palasipah









Paribasa jeung babasan sunda téh hiji cicirén jeung bukti kabeungharan kecap basa sunda. Teu kadar kitu wungkul, séwang-séwang paribasa jeung babasan sunda éta ngandung palasipah atawa falsafah. Tah ieu di handap, aya sababaraha paribasa jeung babasan sunda anu ngandung palasipah tur bisa dilarapkeun dina kahirupan zaman kiwari.


Ngan saacan maca ieu paribasa jeung bacaan sunda, urang kudu apal heula naon bédana paribasa jeung babasan.


Bédana nyaéta, babasan mah mangrupa omongan baku anu disusun. Biasana babasan mah gabungan tina dua kecap, conto:


• Heureut pakeun: Loba pangabutuh sedengkeun kabogana kurang

• Gedé hulu: Sombong atawa adigung


Lamun paribasa, nyaéta rarangkén kecap baku anu jadi hiji kalimah atawa obrolan anu nyilokakeun atawa nyimbolkeun kahirupan sapopoé, conto:


• Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok: Sakumaha beuratna hiji pagawéan, ari ku dikeureuyeuh mah bakal anggeus.

• Cul dogdog tinggal igel: Ninggalkeun hiji pagawéan atawa bisa disebut teu tanggungjawab.


Paribasa jeung babasan ieu mangrupakeun basa pakeman atawa basa nu geus baku, dina hartian bisa robah lamun dirobah boh tina susunan atawa cara nyebutkeunna. Lamun ditambahan, dikurangan atawa diganti ku basa sunda lemes tangtu sifat jeung artina bakal robah jeung bakal anéh kadéngéna.


Conto, babasan "Gedé Hulu" lamun disebut atawa dituliskeun maké basa sunda lemes bakal jadi "Ageung Mastaka", anu éta tangtu mernah kadéngéna. Komo deui lamun seug ditambahan, conto "Ngagedéan Huluna", tangtu éta hartina geus robah.


Tah ieu di handap aya sababaraha paribasa jeung babasan anu jerona ngandung palasipah jeung makna jero.


1. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok.


Hartina hirupna sauyunan, ngariung babarengan. Atawa bisa disebut sapapait, samamanis, sabagja, sacilaka. Mun seug kahirupan urang jiga kitu tangtu bakal pinanggih jeung kabagjaan anu sifatna bisa dirasakeun ku sararéa.


2. Réa ketan réa keton, buncir leuit loba duit, bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah.


• Réa ketan: Bisa dihartikeun teu kakurangan ku kadaharan atawa pangan.

• Réa keton: Hartina teu kakurangan harta jeung banda.

• Buncir leuit: Leuit téh nyaéta paneundeunan paré, hartina loba paréna.

• Loba duit: Hartina teu kakurangan duit.

• Bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah: Bisa dihartikeun bru-bro sagalana, teu kakurangan naon-naon.


Mun dilenyepan, ieu paribasa téh ngandung palasipah nu luar biasa, saiyana mah ieu palasipahna bisa ngawujud mun urang sunda geus bisa rumawat kana alamna. Naha bet nyambung kana alam? Mangga émut waé ku séwang-séwang.


3. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak


Ngagambarkeun sifat sauyunan, gawé bareng, gotong royong. Sarua, ieu paribasa téh ngandung palasipah anu jero pisan, ciptakeun wé ku urang mun seug papada urang geus bisa hirup sauyunan gawé bareng dina sagala widang kagiatan.


4. Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan


Ngagambarkeun kakompakan, sauyunan, teu paaing-aing, teu jauh jeung sifat ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.


Tah éta opat babasan jeung paribasa sunda anu ngagambarkeun karancagéan, sauyunan, tur mibanda palasipah jero anu saiyana bakal jadi hiji kahadéan mun geus bisa dilarapkeun ku papada urang dina kahirupan sapopoé.




Posting Komentar

0 Komentar