Wayang Jeung Dalang | Cevi Whiesa


Hayang jadi dalang téh lain perkara énténg, teu bisa dibeuli ku duit, dipénta bari luas-léos. Ti barang gubrag niat tina untap kudu dibarengan ku jasmani jeung rohani anu saged pikeun ngajalankeun na kalayan haté anu beresih.

Aya obrolan kolot baheula anu nyinggung dunya padalangan. Pok na kieu ”Ari jadi dalang téh dina hartian jadi universitas”.

Lamun dipikiran saliwat mah tangtu teu kaharti ka mana jalur jeung maksud na éta obrolan, tapi mun di pesék mah éta obrolan kacida mundel na, éta mangrupa hiji tetekon anu hukum na wajib dilakonan ku saha waé nu ngaku boga kahayang jadi dalang. Cikan naon kira-kira maksud na éta obrolan?

Ngan ieu mah ceuk kuring nu bodo, éta obrolan bisa dihartikeun kieu. Ari lagu prak ngadalang téh di dinya dalang geus lain jadi dalang hungkul tapi jadi sagala na. Naha bet kitu? 

Dalang jadi aktor, dina hartian dalang jadi pemeran ti unggal tokoh wayang. Dalang jadi sutradara, hartina dalang nu ngatur lumangsung na pagelaran, nu ngatur naék turun tokoh wayang. Dalang jadi penyanyi, sabab dalang mah dikepung ku haleuang jeung musik. Dalang jadi ajengan, nalika wayang nyaritakeun agama. Dalang jadi sajarawan, nalika wayang nyaritakeun sajarah. Dalang jadi panilik sosial, nalika keur nyaritakeun kanagaraan.

Matak aya béda na antara ngawayang jeung ngadalang. Naon béda na?

Ngawayang mah saha waé oge tangtu bisa, lantaran ngawayang mah teu hésé-hésé teuing, purah nyekel wayang, nyaritakeun lalakon Mahabharata jeung Ramayana, ku kitu gé geus kaasup ngawayang. 

Beda deui jeung ngadalang. Tah didieu béda na ngawayang jeung ngadalang téh, ari ngadalang mah salian ti nyekel, ngigelkeun, jeung nyaritakeun hiji lalakon, ngadalang kudu bisa mawa lakon nepi kana rasa nu lalajo. Nalika nyekel wayang, dalang kudu bisa ngarobah wayang jadi jalma hirup geus lain kayi deui. Dina lalakon, lamun carita sedih nu lalajo kudu milu sedih, lamun carita pikaseurieun, nu lalajo kudu milu seuri dina hartian wayang na geus nyurup.

Salian ti éta, dalang kudu mibanda dua welas tetekon padalangan anu moal bisa dirumpak. Naon waé hiji-hiji na?


1. Sabet

Sabet nyaéta kaparigelan dalang dina nyekel, ngigelkeun, merangkeun, jeung maké lacrekan (kecrek jeung cempala).


2. Amardawa Lagu

Amardawa lagu mangrupa aspek padalangan anu wajib dipibanda ku unggal dalang, sabab sapeuting jeput dalang dikepung ku laras. Ti mimiti hahaleuangan, kakawen, jeung sajaba na.


3. Parama Sastra

Parama Sastra nyaéta kamampuan dalang dina ngolah basa atawa sastra, dalang kudu bisa nepikeun hal-hal anu sifatna verbal dina wangunan sastra.


4. Parama Kawi

Parama kawi nyaéta kamonésan dalang dina maké basa kawi. Basa kawi téh mangrupa hiji basa anu kacida luhung na malihan ceuk sabagian golongan mah basa kawi téh disebut na gé basa langit sabab basa kawi mah ngandung aura.


5. Kawi Radya

Nyaéta cara maké basa kawi dina kakawen. Kakawén téh saiyana asal kecap tina kakawian lain kakawihan ngan kulantaran literasi basa kawi na kawates jadi sabagian aya nu nyebut kakawén teh asal kecap na tina kakawihan.


6. Antawacana

Antawacana nyaéta kaparigelan dalang dina ngabéda-bedékeun sora wayang. Ngan biasana nalika dina luhur jagat/gebog wayang loba sora dalang sok ngageblég matak sok dibantu ku cara ngagerakeun wayang.


7. Amardi Basa

Amardi basa téh dalang kudu mibanda vokabulari ngeunaan basa, boh basa kawi, sunda, jeung sajabana. Sabab dalang mah pamake basa.


8. Awi Carita

Awi carita nyaéta leunjeuran-leunjeuran, babak carita.


9. Renggep

Renggep nyaéta dalang kudu tartib, nyalsé, teu rusuh dina nepikeun carita.


10. Tutug

Tutug téh hartina aggeus, tapi lain tutug nepi ka akhir tapi tiap bagian carita téh kudu anggeus.


11. Banyol

Banyol hal peuneul pisan, sabab dihenteu-henteu ge wayang téh juru penghibur, matak dalang kudu bisa nyieun suasana atawa banyol nu hadé.


12. Engés

Panyari téh dina hartian wayang ngomong na kudu nyari, ngigelkeun wayangna nyari, wayang na kajiwaan sangkan penonton kabawa suasana jeung carita bisa nepi kana haté na.


Tah éta kurang leuwihna, dua welas tetekon padalangan téh. Ngarasa éra, mun aya nu nyebut ka kuring dalang. Ku maca éta dua welas tetekon oge tangtu lain perkara leutik anu bisa dipibanda dina jangka waktu sakedeung. Tapi paréndéné kitu genténg-genténg ulah potong, ngeureuyeuh nikreuh sanajan bari pateuh, gunung ogé bakal di sahandapeun mumuncangan. Paribasana.

Teu seutik ogé kuring ngundeur élmu tina padalangan. Naon nu katempo, kadéngé, karasa, kabéh jadi élmu. Teu jarang budak nu resep wayang jiga kuring nalika geus magelaran sok rajeun aya kritik jeung saran tinu lalajo, duh, éta élmu nu kacida manfaatna. Ari kuring ajeg dina ieu widang kasenian kawilang geus hampir lima taunan ieu, ngagem hiji prinsip nyaéta sahadé-hadéna jalma taya lian nu bisa méré manfaat ka jalma nu lian.

Pidu'ana waé, simkuring sing tetep panceg dina galur, ngurusuk kana cucuk-cucuk nu di satukangeuna nunda kaéndahan. Amiinn.

Posting Komentar

0 Komentar